Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/219

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
153
 

loetoeng ngadahoeng, kitjik mere papanganan." Boentjelik ngadeuleu beungeut, andjing dihoetjoehkeun, ngadeuleu beungeut, geledeg loempat ti heula. Lengser djeung andjing pandeuri, loetoeng ti heula.

Geledeg andjing moro ka si-Lengser.

„Oetsi-oetsi," dihoetjoehkeun ka loetoeng, „njegetan ka dewek."

„Lain loetoeng samanea, loetoeng satjoeng geus wdeh teu beunang dibeledig.”

„Lengser," ngandika ratoe, „teu beunang dibeledig, tadi awak ing hajang loetoeng, ajeuna ngadadak teu hajang; da teu beunang dibeledig, geura hatoerkeun ka parapoetra aing noe genep.

Mimiti ka toeang raina, ka Poerba leuih; teu katampa, ka toeang rakana ka Poerba rarang."

„Noen, goesti, soemoehoen darma panjaoer ti pangandika."

Tjedok njembah: „noen, goesti, sembaheun, koering ngatoeran amit teu lambat ngadeuheus."

Djoet toeroen.

Katjatjang kolear angkat,
memeh angkat keupat heula,
bisi poegag nja ngalengkah,
kodomang loetoeng pandeuri,
leumpangna doemontja-dontja,
boentoet bereleng kantjana,
boentoet emas ditjentangkeun,
hoeroeng nja sariga lajoeng,
herang nja sariga bentang.

Djoeg datang ka wewengkon parapoetra, kasampak ngagembrong ninoen dina bale boeboet, bale raoet, bale pantja pangeujeukan; ..da halal neda eureun.

„Bagea noe tjalik."

Terengteng moeatkeun sembah.

„Mama Lengser," orokaja gantjang nanja, „reuas pabaoer djeung sieun na tjoendoek dipioetoes, na datang dipiwarang, na niat sorangan? Soemangga pikersaeun, noen, rampes pikonokeun."

„Noen, pangoeloe tandang, tjoendoek dipioetoes, datang dipiwarang, ngemban pangandika ti toeang rama miwah ka toeang kersa dipiwarang ngahatoerkeun loetoeng, gawena mah teu aja pangwewera eukeur ninoen."

„Mama Lengser, loetoeng teh sok gede teuing bari kasep pisan, ari boentoetna ka toekang sidji, ka hareup sidji."

„Mama Lengser, sok sieun teuing koe mongkonongna."

„Teu, pangoeloe tandang, mo dinaha-naha."

„Daek soteh ngaboedjangkeun lamoen djalma anoe oetama, moen lalaki djalma pasti teureuh mantri, lamoen loetoeng kami emboeng, djalma ge pilihan keneh."

„Ari geus teu katampa, toeang, koering rek amit moendoer, teu lambat ngadeuheusan."