Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/229

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
163
 

banda rea ditambahan, amboe mah ngagadoeh bae. Geura balik meungpeung peuting, si-indji bisi kasampak geus njaring; geura poelang mangka gantjang, si-indji bisi kasampak geus hoedang. Oelah waka tembong kasep, tatjan datang ka poëna; bisi teu hedjo lalakon, bisi teu rambaj tjarita, tatjan datang ka poëna.”

„Soemoehoen, Soenan amboe, ngatoeran amit.”

Tjedok njembah, parapas geus ngoengkoelan ngalanggoekan.

Doeg ka boeana pantjatengah, imbit milang bentang, kasampak sare keneh, dianggo raksoekan, djanggelek miroepa loetoeng; keur meudjeuh ngeureunan palaj.

Tjag:

teundeun di handeuleum sieum,
toenda di handjoeang siang,
paranti njokot ninggalkeun.

XIII.

Ngoesik-ngoesik noe keur tjalik,
ngobah-ngobah noe keur tapa,
neda agoeng nja paraloen,
neda pandjang pangampoera.

Tjatoerkeun Soenan amboe.

„Boedjangga seda, Boedjangga sakti, Gan Oetoen tas soemping. Geura djoengdjoengkeun, seuweu ratoe, geura djajak seuweu radja. Boedjangga seda balena, Boedjangga sakti imahna, dewata anoe ngeujeuban, mangka aja samaktana, mangka agreng batan di nagara sarta tampianana.”

Boedjangga leuih pangawasana: ti loehoer lemboet datang ka handap badag, sadjiad sakersana katoeroetan, saketjapna tjatjap bae.

Tes, djleg ngadjenggleng bale kantjana hateup genteng omas, sisi ngajapak imahna pisan:

dirandjangan lima toendan,
dikasoeran toedjoeh toempang,
ngalembreh kasang tjindena,
goegoeling mandjati Keling,
kasoerna lalambe soetra,
simboetna sindoer Banggala,
ditoempalan koe peremas,
lalamak paramedani,
loeloehoer halimoerentang,
hoeroeng koe parada pasoeng,
herang koe parada kompjang,
loeloehoer djeung rereganna,
koemiriling koemirintjing,

III
8