Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/238

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
172
 

„Mama Lengser, hatoerkeun ka djeneng si-teteh dirampesan koe boedjang loetoeng, rampes soteh rampes bae, rampes soteh padoe beres, rampes padoe wekasan roepa henteuna koemaha bagdja.”

Mama Lengser ngatoeran amit.

Tjedok njembah, djoet toeroen.

Djoeg balik ka nagara, gebloes ka padaleman.

„Bagea noe tjalik.”

Terengteng moeatkeun sembah.

„Mama Lengser, koemaha bedjana, Poerba sari beunghar?”

„Soemoehoen, beunghar pisan.”

„Djoerig, sok keujang teuing.”

„Beunghar meuëusan kadang kala henteu pisan, kapelengkok nja wangsoelan, asa beunghar goemati henteu.”

„Henteu dianak loetoeng?”

„Manggih soteh loetoeng di djalan, teu njaho anak teu njaho lain.”

„Toeloes kateukteuk beuheungna?”

„Toeloes.”

„Soekoer, Lengser.”

Tjatjap hatoeran; keur meudjeuh ngeureunan palaj.

XVIII.

Tjatoerkeun di goenoeng.

Ras katimbalan; tjeurik leutik sasakitan Poerba sari.

Repet ing loetoeng inget ka sirepna, diaos, ditioepkeun, lenggoet noendoetan kataradjang sirep loetoeng.

„Oetoen, tjoeang sare djeung si-teteh, si-teteh banget toendoehna.”

„Owah, soehoenan pamadjikan, loetoeng mah nalipak maneh, tara sare djeung manoesa, bisi geuleuheun.”

Boeg noe sare dina kasoer toedjoeh toempang; aran geus kagoengan padaleman, dihin pinasti anjar kapanggih, rek ladjoe ka Soenan amboe, ka amboe neda pitoeah, ka rama neda sapaät, meungpeung sare.”

Braj digedogkeun raksoekan:

barabaj tembong kasepna,
kakasepan Goeroe Minda,
sok ditoenda raksoekanna,
dina nagasari dampit.

Djengkekeun amboe soekoe ti katoehoe, ditimbang koe ti kentja, parapas sewoeng.

Djoeg ka sawarga loka manggoeng alam padang poë pandjang, Soenan amboe kasampak kasondong aja, roj mando, parapas njembah.

„Oetoen, sinarieun sinanteneun, si-Oetoen soemping tjoendoek di boelan danoe, datang di boelan soebaja, soemangga pikersaeun naon, rampes pikonokeun,