Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/247

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
181
 

Rangkoenang kapiting koening awak sagede loeloempang, tjatjapit sagede balioeng, rangkoenang ka girang tjelepit giwing kagoengan Indradjaja.

Ger tjaäh dengdeng.

Ger disoerakan koe si-Lengser.

„Mama Lengser, soerak bae.”

„Soerak reuas djoeragan tiwas.”

Hoemaroeroeng hoemaregoeng,
bareuhna sagede boejoeng,
ditjapit kapiting koening,
kagoenganna Indradjaja,
lain toewoeh koe laoekna,
laïn moendak babawaan,
kilang kitoe henteu tombok,
aran si-beubureuh euweuh.

„Mama Lengser, tjoeang boebar, bala katoet bebene.”

Djoeg ka nagara, bloes ka padaleman. Geus datang, prak ngarieus oebar genep pipisan, katoedjoeh si-djompong.

„Adi, tjoeang oebaran bari noekang, boa poös aran si-beubeureuh euweuh.”

Prak dioebaran andeg totorombolan bae. Geus waloeja ditjapit kapiting koening dioebaran koe bebene. Keur meudjeuh ngeureunan palaj.

XXIV.

Tjatoerkeun di parakan.

Kapiting koening, soesoeroepan Kai Boedjangga, terengteng balik ka sawarga loka manggoeng.

„Ki Boedjangga, koemaha, waloeja?”

„Taja sawidji-widji.”

XXV.

Tjatoerkeun Nji Emas Poerba sari.

Koelisik poetri noe oesik,
kodjengkang poetri noe hoedang,
kilang kitoe woewoeh panggoeh,
kasipoeh pangaweroehna,
da ti memeh nagri datang,
poelang geus boebar nagara,
aran djalma disangsara,
balik gasik Ieumpang gantjang.

Djoeg ka pipir goenoeng, kasampak Loetoeng ngabengkong.

„Owah, soehoenan pamadjikan, koemaha, parakan teh saät?