Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/249

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
183
 

Piring ipis panjitjipan,
piring poetra pamadangan,
olahan digelek-gelek.

Geus asak, prak didjaitan.

Top pinggan toeloej disioek,
tjaina kana pinggankeun,
boekoerna pek dipiringan,
sok dikatetenongkeunna,
katoet djeung panggangna pisan,
katoet djeung piringna pisan.

Prak ngeusian kendi.

Kendi toelis tjetjep gading,
disopalan koe kantjana.

Sok diteundeun pipir tetenong gasik sangoe asak, prak diakeul; geus tiïs, prak disoemboelan.

Soemboel agoeng pangdaharan,
diwangkisan koe koeningan,
dilambean koe salaka,
disoekoean koe paroenggoe,
disokoan koe tambaga,
tjatjap dangdanna idangan.

„Oetoen, tjoeang madang djeung si-teteh.”

„Owah, soehoenan pamadjikan, loetoeng mah tara madang djeung manoesa bisi geuleuheun. Moen hajang madang djeung manoesa koedoe popoëkan, bisi tembong boeloena.”

Reup peuting, tel njeungeut damar.

„Oetoen, geus meudjeuhna.”

„Lamoen hajang temen madang djeung loetoeng, rampes, koedoe damar dipareuman.”

„Pes damar dipareuman.”

Disingklakkeun raksoekan sipet pigeulang leungeun kotjok sibanjo njarajnjaj.

„Oetoen, naon eta bet njarajnjaj?”

„Leunjaj.”[1]

Prak noe dahar popoëkan.

Ari njotjol boboroan,
disoesoel henteu kasoesoel,
rep ngeupeulna mangka teuas,
dikeueumkeun dina tjai.

Tjelem diïnditkeun dipagasroekeun.

  1. Pinasti diwaloerikeun mana datang ka kiwari ari leunjaj paeh herang ari tjaang soerem, dakining Goeroe Minda Kahjangan tatkala sibanjo, popoëkan kadjadjadianana leunjaj mana datang ka kiwari.