Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/251

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
185
 

„Lain kitoe, Oetoen, dina legok doea baoe seungit ngalabari, baoe dedes, baoe rase, baoe menjan kawalagar, baoe kalemba kastori.”

„Soegan dewata ngaliwat.”

„Na, ari dewata seungit?”

„Teu njaho, kitoe ge bedjana.”

„Teu njaho, lamoen kitoe mah.”

Keur meudjeuh ngeureunan palaj.

Tjag:

teundeun di handeuleum sieum,
toenda di handjoeang siang,
paranti njokot ninggalkeun.

XXVI.

Tjatoerkeun noe di nagara.

Tjek Poerba rarang: „Mama Lengser, si-tangkoerak Poerba sari aja woewoeh pangaweroeh, aja nambah pangawasa, kieu ngadjadi, kieu ngadjadi, keujang teuing, oelah weleh merih pati torta gawe, geura dititah ka pipir goenoeng ngala banteng lilin soekoe gading, gedena sasaoeng boeroek, galakna kabina-bina, tandoekna sadeupa sasisi. Moen teu beunang, diteukteuk beuheung tilas adegan katoet djeung boedjangna loetoeng.”

„Soemoehoen, darma panjaoer, tarima ti pangandika.”

Tjedok njembah ngatoeran amit.

Djoet toeroen:

metoe lawang mandjing lawang,
metoe di lawang pingpitoe,
datang ka lawang pingsanga,
dangdeung ka paseban ageung,
djoeg ka aloen-aloen agoeng,
medal di lawang saketeng,
djoegdjoegna ka pipir goenoeng.

„Da halal, noen, noe kagoengan padaleman aja tjalik?”

„Bagea noe tjalik.”

Terengteng moeatkeun sembah.

„Mama Lengser,” orokaja gantjang nanja; „na tjoendoek dipioetoes, na datang dipiwarang, soemangga pikersaeun noen, rampes pikonokeun.”

„Ratoe emas, toeang koering, tjoendoek lakoe dipioetoes, datang dipiwarang, ngemban timbalan ti nagara miwah ka toeang karsa, sampean diperih pati torta gawe koe noe gede ngala banteng lilin soekoe gading, gedena sasaoeng boeroek, galakna kabina-bina. Mangka meunang poë ieu, lamoen teu beunang, diteukteuk beuheung tilas adegan katoet djeung boedjangna loetoeng, tjek timbalan.”