Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/276

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
210
 

pangnoeroenkeun njawenan, rek mapag naga koedoe saider ing naga; pada-pada pangnoeroenkeun mangka nastiti tarapti, diangir mandi, diminjak aja rengoe saeutik, oelah ditoeloejkeun, koedoe njalindoengkeun semoe, bisa njoesoempingkeun, koedoe poelang papanganten kala poë harita.”

„Tarimakeun parapohatji meunang ngitoeng sandi tahoen, meunang ngetang sandi boelan. Windoe miloe ka tahoen, tahoen ka boelan, boelan ka poë, poë ka daoeh, daoeh ka saha, daoeh ka oerang: pikir opat djadi doea, pikir doea djadi hidji sarta tatjan sakitoe, oelah waka toeroen, ari geus kitoe teroes djeung parapohatji. Ari geus kitoe mah, geura toeroenan dewata reudjeung parapohatji, djeung boedjangga, toeroenan di poë boeddha, mangka beunang diandeulkeun.”

Toeloej taroeroen dewata reudjeung parapohatji, t”roes djeung paraboedjangga.

Sanggeus toeroen, djoeg ka boeana pantjatengah ka pihoemaan Poerba sari.

Noe geulis Girang tjandoli toeloej dadahoet keur njawenan, soelangkar reudjeung simpeureum,

hoeöet boeroek ese kapas,
tjaroeloek djeung daoen kaoeng,
katoet djeung oërna pisan,
miniiti arek njawenan,
mimiti njangreudanana,
tjanggreud hareup mangka sieup,
dibeulitan koe pamilih,
toeloej ngoerilingan pisan,
ngoeriling ider ing naga,
neundeunan esena kapas,
hoeöet boeroek djeung tjaroeloek,
daoen kaoeng oër pisan,

„Pohatji Sang Kama seda,
Pohatji Sang Kama sakti,
oelah hamo pangngoempoelkeun,
oelah hamo mangpoeloengkeun.”

„Si-indji, Sanghjang Asih, bisi katinggaleun sarintji saese:

„ditempoehkeun ka noe ngoempoel,
moengpoeloeng ka lemboer loeöek,
margana sarta ti lemah,
ngoelina ngaranna tengah,
hoemana atji koelina,
di aing enggeus parele.”

Njawenan reup peuting, braj beurang, datang ka poë patitis, gelaran di poe raspati, toeloej noeroenan; prak njieun paroepoejan.

„Boel koekoes aing ka manggoeng,
ka manggoeng ka Sang Roemoehoen,