Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/288

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
222
 

„Mama Lengser,” orokaja gantjang nanja, „reuas pabaoer djeung sieun, teu dihatoeranan lemareun djiga kitoe geura, teu pindo gawe geurana mah. Geura, rampes pariksakeun, Mama Lengser, na tjoendoek dipioetoes, na datang dipiwarang, na kita niat sorangan. Noen, rampes pikonokeun, soemangga pikersaeun.”

„Noen, ratoe emas, tjoendoek dipioetoes, datang dipiwarang, ngemban pangandika ti nagara miwah ka toeang karsa, dipiwarang mariksakeun lakoening leuit, anggona djeung hanteuna pasti djeung eusina, saroea henteuna djeung noe kami?”

„Pasti ti mendi, oetama ti mana da boeboeatan loetoeng boh boeatan djalma; amit mariksakeun bae da teu dirarangkeun.”

Tjedok njembah, djoet toeroen.

Koelantoeng dina karang leuit toedjoeh ngabandoeng dipariksakeun, dikaloehoerkeun dikateohkeun: ,apan boeatan loetoeng, ning eta hade ti batan boeatan djalma.’

Orokaja dilongok lawang leuitna bisina eusina djarami: ,batan kami tjatjap eusina ka soehoenan, teu montjor meong-meong atjan.’

,Djeung deui pare roepana aloes, dingarankeun pare aloes, geugeusan gila koe teges, djeung deui pare eusian, bisa temen tatanen loetoeng teh.’

Toetas pariksa, bias ka padaleman ka hareupeun Poerba sari.

„Bagea noe tjalik.”

Terengteng moeatkeun sembah.

„Mama Lengser, koemaha noe kami djeung noe teteh?”

„Boeatan loetoeng ning eta leuit toedjoeh ngabandoeng eusina tjatjap ka soehoenan djeung deui pare aloes.”

„Koemaha dingarankeun pare aloes?”

„Pare eusian, bangkala pare nja eusian.”

„Koemaha toeang kagoengan si-teteh di nagara?”

„Ratoe emas, kagoengan toeang raka dihatoerkeunana anggon, ka rama teh djiga ranggon, dihatoerkeun pasti eusina djarami, toewoeh, koekoek, waloeh djeung roengkoenna, katjang, roaj djeung toeroesna, sabrang, terong djeung tangkalna, sapangeusining hoema sakabeh diasoepkeun kana leuit.”

„Djeung deui, ratoe emas, langkoeng ti dinja diperih pati torta gawe, pangeunah-ngeunah olahan, parea-rea samping, papandjang-pandjang kasang; lamoen teu roepa, diteukteuk beuheung tilas adegan katoet djeung boedjangna loetoeng; kitoe ge tjek timbalan.”

Poerba sari regoek tjeurik.

„Mama Lengser, oendoer, basa boedak keneh. Teu diwoeroek, dipitoetoeran koe teteh, samping ti mendi, kasang ti mana rampes, njerahkeun beuheung teukteukeun, tilas adegan; lega beurang, lega peuting patina si-adi da teu bisa njieun kasang njieun samping.”

„Teu kangkat djisim koering ngakampoeng ratoe mo bisa balik, tatjan meunang wekasan.”

Poerba sari dengdek ka boedjangna loetoeng.

„Oetoen, geura oendoer: