Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/303

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
237
 

Si-djompong noöng asoep sapotong, kabita koe noe montjorong oerang sisi, rek nongton noe kasep; teu kabagean samping, manggih loemping moending dipake samping, rekak-rekoek sada andjing oetah.

Ger kawon Indradjaja.

„Oelah kitoe-kitoe teuing.”

Ger koering njisi sewang-sewangan.

„Mas kabene geura maseuk djangkar pageuh dioeger-oeger, wesi tihang panggoeng tekin wajang kadjenggoet toeang koekoentjoeng.”

„Koemaha kasambatna toeang nami, geura pok pikonokeun, koemaha pitarimaeun, geura pok malik basa.”

„Rampes simkoering dipoendoet nami, bala taja doea, sahidji keunana pasti:

Njai Emas Poerba sari,
Poerba sari ajoe wangi,
Kantjana ajoe dewata,
Dewata radjoena tapa,
Tapa emas tapa radja,
Mas tapa radja koesoema.

„Simkoering rek malik basa,” tjek Poerba sari ka Goeroe Minda:

bahajoe dipake lesoe,
baheula dipake tapa,
da geus datang ka mangsana,
Oetoen soteh ka loetoengna,
boedjang soteh ka tjangkangna,
ari datang ka mangsana,
koe koeningan keuna poetih,
tambaga keunana bodas,
sakala salaki koering,
asoep goenoeng koering miloe,
sampean pigoeriangeun,
koering piïndangeunana,
ratoe anoe malik basa,
peso raoet gagang padoeng,
panjoekoer serang lambajoeng,
pamoepoe indoeng toeriang,
etem banget ka awak ing,
sor lepo eta noe mando,
parapat eta noe njembah,
kopo tjondong djeungdjing djoho,
taleot djeung talawoengan,
kehkel naek batoe toeroen,
kita daek kami poeroen,
goleah kana lahoenan,