Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/307

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
241
 

„Broek soedjoed ngawoela ka boemi, tanggah ngawoela ka langit.”

„Ngabatjokak goletak serah bongkokan, landean hoeloe lisoeng, gogodong djeungdjing tjondong, pamendak loeloempang tjopong.”

„Tah, kitoe tjirining ngawoela, hoetang koedoe bajar, ngindjeum moelangkeun.”

„Karsa pake pangarit?”

„Koemaha pangersakeun.”

Pangnjieunkeun tjarangka satangtoengna, gede sadeupa mider, dibahanan arit timah.

Indradjaja djadi pangarit; ngarit tatjan meunang djoekoet disoesoelan, Lengser noe ngapalaän.

Poerba sari Goeroe Minda malebet ka padaleman, toewoeh ratoe babar tapa datang ka mangsana.

Meunang dirioeng koe geloeng,
meunang direndeng koe tjangkeng,
noe lendjang pada ngadjadjar,
noe denok pada ngaronjok.

„Mama Lengser, baheula, waktoe nalangsa Mama Lengser noengtoen toewoeh, ngadjajak bagdja, noe ngora teu bisa moelang tamba, Mama Lengser, djadi kokolot nagara:

nganjahokeun sagedena,
mangka beunang diandelkeun,
ngoeroes bisana nagara,
pananjaan sarerea,
djeung patihna Lemboe halang.”

LIII.

Neda agoeng nja paraloen,

neda pandjang pangampoera,
ngoesik-ngoesik noe keur tjalik,
ngobah-ngobah noe keur tapa.

Tjatoerkeun di manggoeng, tjarita di kahjangan.

Soenan amboe teroes panon batan katja, salawasna katingali, si-Oetoen geus toewoeh ngadeg ratoe, babar tapa malebet di padaleman Goeroe Minda Poerba sari.

Tjek saoer Soenan amboe: „geus meudjeuhna ditoeroenkeun ka nagara leuit toedjoeh ngabandoeng.”

Tjek Boedjangga: „rampes sadjiad sakersana.”

Boedjangga noe leuih pangawasa dioelang bae; derekdek leut sapangeusi di pipir goenoeng; paseban, gedong, toeroen kabeh, koempoel kabeh ka nagara; ngiring leuit tinggal tatapakan.