Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/321

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
255
 
No. Ina.
XXII. Poetri anoe limaän koe Poerba rarang diadjak ngareboet laoekna Poerba sari. Dikaroenjakeun koe Poerba leuih; datang ka ipatorendjangkeun koe Poerba rarang djeung opatan; laoekna ditjokot koe limaän. 179
XXIII. Koe Soenan amboe katingali Poerba sari didjengkangkeun koe saderekna; disaoer Ki boedjangga miroepa kapiting koening pikeun noeloeng Poerba sari. Koe eta kapiting teh mas kabeureuh Indradjaja ditjapit; Poerba rarang djeung pangiringna baralik kabeh bakal ngoebaran Indradjaja. 180
XXIV. Ki boedjangga moelang ka sawargaloka 181
XXV. Poerba sari angkat ti parakan njaritakeun ka Loetoeng kasaroeng prakara laoek tea. Toeloej ngedjo madang djeung boedjangna loetoeng; Loetoeng kasaroeng nembongkeun leungeunna. 181
XXVI. Lengser dipiwarang deui koe Poerba rarang nitah ka leuweung neangan banteng lilin. Moen teu beunang banteng teh koe Poerba sari, tangtoe dipaehan. 185
XXVII. Poerba sari menta deui toeloeng ka boedjangna loetoeng. Tjek manehna teu bisa, datang ka koedoe diteangan koe Poerba sari sorangan. Poerba sari teroes ka leuweung. 186
XXVIII. Loetoeng kasaroeng deui maling-maling angkat ti tempatna Poerba sari. Datang ka leuweung miroepa Aki koewoe, kapanggih Poerba sari tjeurik sieuneun banteng dihandapeun tangkal gorda. Koe Aki koewoe dipenta Poerba sari ramboetna sakoeren bakal pidjimateun banteng; teroes bantengna taloek djadi djinak. 187
XXIX. Koe Poerba sari bantengna dibawa ka nagara. Bantengna ditarima koe Poerba rarang barina Poerba sari ditjarekan. Toeloej Poerba sari moelang ka tempatna mopojankeun prakara banteng ka boedjangna loetoeng. 189
XXX. Banteng lilin ditjarekan koe Poerba rarang, datang ka bantengna ngaroeksakkeun saeusi nagara, toeloej loempat.

Si-Lengser dititah deui koe Poerba rarang manggihan Poerba sari, pikeun dipiwarang njatjar hoema palega-lega toedjoeh pasir. Koe sabab Poerba sari teu bisaeun njatjar hoema, Loetoeng ngapoeng deui ka manggoeng bade mementa ka Soenan amboe pikeun njatjar hoema. || 190