Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/61

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

Enggalna Sĕkar Pakoean dikandoeng, saraoeh radja bandana koe noe kasep Rangga Wajang dibawa ka nagara Koeta Waringin, nagara Roetjoek Pakoean kari parongpong kosong.

Koleang noe ka balapan,
mawa banda djeung doeloerna,
anoe kasep Djaga Ripoeh,
koe Radian Rangga Wajang,
roengkoedoek gandonganana,
gĕdena sagĕde goenoeng,
ringkinik sagĕde pasir,
koleang noe ka balapan,
ka nagri Koeta Waringin,
geus soemping ka aloen-aloen,
aloen-aloen sewoe tjĕngkal,
pingitan sawidak lima,
babantjong dalapan poeloeh,
soempingna teh ka paseban,
banda anoe beunang ngandoeng,
gantjang toeloej didoeoemkeun,
ka sakabeh praponggawa,
ka mantri reudjeung bopati,
geus beak taja sesana,
banda anoe sanagara,
enggal pawarang disosok,
disosok tina kandoengan,
djol montok gĕlĕntjĕng koneng.

Ari tjek Rangga Wajang ka si Lengser, pokna: "Lengser, hajoe, oerang ka padalĕman, oerang sanggakeun ka ratoe".

Ari tjek si Lengser: "mangga, abdi ngiring bae".

Koleang ka padalĕman,
kasampak kasondong aja,
ratoe teh di pangtjalikan,
lakotoj sangkeloh mando,
barabat menak noe njĕmbah.

Rangga Wajang geuat oendjoekkan, pokna: goesti, ieu abdi njanggakeun pawarang enggal, tapi hĕnteu sae, hĕnteu hade".

Hariring mantri goemalinggoet ratoe njaoer njabda beukas ka toeang raka, pokna: "noehoen sarewoe, gĕrah salaksa".

Ti dinja Rangga Wajang toeloej amit moendoer, pokna: "goesti, abdi amit rek moelang deui ka paseban; bisi kaboeroe tjoendoek moesoeh, datang lawan".

Koleang noe ka paseban,
moelih tina ngadeuheusan,
soempingna ka aloen-aloen,
toengkoel ngadji kawĕdoekan,