Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/92

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
74
 

Kasampak noe kagoengan nagara keur ngadjanggot koe koedjang boentoeng ; ana ngareret, ningali aki-aki ngadeuheusan.

Ladjeng Gadjah Waringin mariksa, kieu pokna: „aki, maneh oerang mana?”

Oendjoekan aki-aki teh: „noen, soemoehoen pariksa, koering teh ti dinja, ti lemboer nenggang.”

„Dek naon, nja pikarepeun, noe matak datang ka aing?”

„Noen, sedja koemawoela bae.”

Ari saoer Gadjah Wajang: „hade, aki, maneh ari dek koemawoela, tapi maneh koedoe djadi toekang babad.”

Ngawalon aki-aki teh: „hatoer soemangga.”

Toeloej ka kebon bari ngadjingdjing parang.

Ari datang ka kebon, toeloej ngababad tatangkalan, tapi djoekoet teu dibabad.

Barang ti dinja dironda koe noe kagoengan kebon, ger diseuseul: „naha, aki, ari djoekoet teu dibabad, ari tatangkalan dibabad.”

Ngawalon aki-aki teh: „noen, soemoehoen, bebendoe wantoening aki-aki geus pikoen.”

„Meugeus, aki, maneh oelah djadi toekang babad koedoe pindah gawe.”

„Ajeuna koering ka mana nja pindah gawe?”

„Maneh, aki, koedoe djadi toekang ngarit.”

Aki-aki toeloej nanggoeng soendoeng njoren arit. Mangaritkeun koeda sapoë hade, doea poë hade saregep, katiloena njapoean gedogan.

Ari enggeus njapoean tai koeda, toeloej ngagantaran arit doemeh nendjo sirit koeda oelad-oelad oeladan; toeloej diarit sirit koeda, datang ka paeh koeda teh.

Barang ti dinja kadangoe koe noe kagoengan koeda goegoeroeboegan di gedogan, barang ditingali koeda paeh sarta pegat siritna, kaget noe kagoengan koeda barina njeuseul: „aki, koe naon koeda paeh, dikoemahakeun koe maneh?”

Ngawalon aki-aki teh: „noen, soemoehoen pariksa, ari koering keur njapoean tai koeda, soren koering arit, ari sirit koeda keur heuras, kaarit koe koering siritna.”

Saoer ratoe: „aki-aki bangkawarah kieu-kieu goreng bae gawena, meudjeuh maneh, aki, oelah ngarit; ajeuna, aki, koedoe djadi toekang ngala tjai pranti aing mandi.”

Ngawalon aki-aki: „hatoer soemangga.”

Toeloej nanggoeng lodong sapoë doea poë hade, katiloena ka handapeun kaoeng mebek tjaroeloek, diasoepkeun kana lodong. Toeloej ngala tjai diadoek djeung tjaroeloek.

Barang ti dinja, toeloej dianggo siram koe ratoe, liwat langkoeng ratoe teh siramna garoganjang arateul.

Barang geus kitoe, njeuseul ka aki-aki: „koe naon, aki, maneh ngala tjai mana arateul teuing?”