Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/94

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
76
 

Ngawalon aki-aki: „soemoehoen pariksa, tjai teh ti girangna disalea meri."[1]

Ngalahir ratoe: „meudjeuh maneh, aki, oelah ngala tjai matak djengkel teuing aing; di ditoe bae maneh toenggoe boemi djeung njai."

„Soemangga kaoelanoen."

Toeloej aki-aki ka boemi. Ngarengkol di pipir hawoe, liang hawoe dikarantjang. Toeloej aki-aki ka tengah boemi manggih sisihan hatoeran ratoe, toeloej koe aki-aki didadaharanan[2] datang ka beak. Geus kitoe, manggih tempat seureuh, aki-aki toeloej njeupah, njidoeh ka mana daekna, mani pinoeh saloear boemi koe loedah. Toeloej ka pangkoeleman barina totonggengan tjetjemplongan kasoer, anggel dikorowot pinoeh saloear boemi koe kapoek. Geus kitoe, pindah deui ka pipir hawoe ngarengkol kawas peusing.

Ari ti dinja soemping istrina entas nepa. Ari ka boemi njampak sisihan geus beak, tempat seureuh geus kosong, loeah saloear boemi.

Ari ti dinja istrina nangis barina njeuseul ka rakana: „aki-aki batan kitoe koedoe diteundeun di boemi, liang hawoe dikarantjang, katoeangan enggeus beak, lemareun geus kosong, tjidoeh, kapoek saloear imah."

Saderekna ngalahir: „ih, Njai, akang mihape eta aki-aki loemajan tamba keueung."

Toeloej keuna koe sirep Njai Atji Waringin, reup bae koelem Nji Atji Waringin.

Barang ti dinja, aki-aki nendjo istri geus koelem, toeloej baksa barina ngomong kieu pokna: „lakadalah! nja eta dipenta, koe dewek beunang ajeuna mah."

Barang ti dinja, toeloej diakeup toeroen ti boemi, toeloej ka hoeloe dajeuh ngagedogkeun salira, djadi deui Rangga Wajang, ladjeng moelih ka poelo.

Ari soemping ka poelo, mariksa koeda Pati Langen Sari barang soemping dibageakeun: „koemaha, Rangga Wajang, prakara awewe teh, kabawa atawa henteu?"

Oendjoekan poen Rangga Wajang: „soemoehoen pariksa, prakawis timbalan, ajeuna, soemoehoen, kabantoen, soemangga njanggakeun ieu istrina."

Ngalahir Koeda Pati Langen Sari: „geus katarima eta prakara istrina, tapi ari doeloerna koemaha piakaleunana?"

Ngawalon poen Rangga Wajang: „ari eta prakawis doeloerna, malah-malah ajeuna geus ngadjaga di wates sapirang-pirang pradjoeritna; ari koering ajeuna dek balik deui ka wates, dek ngakalan Gadjah Waringin.”

Saoer Koeda Pati Langen Sari: „hade."

Ladjeng Rangga Wajang angkat. Ari soemping ka djalan bingoeng, henteu aja pakeun seba ka ratoe rehna kaleungitan istri.

Barang ti dinja manggih noe mararak doeaan, toeloej disaoer noe marak teh, kieu pokna: „paman, keur naon di dinja?"

Ari wangsoelanana: „kaoela keur marak."

——————————

  1. Disalea verouderde uitdrukking vermoedelijk beteekenend plassen.
  2. Didadaharanan verouderd part. perf. van dahar, thans korter didahar.