Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/96

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
78
 

Saoer Rangga Wajang: „soekoer, paman, kaoela ngahiras heulaän sakeudeung pangalakeun hoemboet kaoeng pakeun seba ka ratoe, bedjana kaelang-elangan poetri."

Barang ti dinja, toeloej djelema doea ngarala hoemboet kaoeng; ari datang toeloej dibikeun ka Rangga Wajang.

Saoer Rangga Wajang: „paman, oelah kapalang nja ibadah, panggotongkeun sakali, paman". Toeloej digotong koe doeaan, ari Rangga Wajang moentang kalong di tengah.

Katjarioskeun noe keur ngadjaga dina wates, radja Gadjah Waringin djeung pradjoerit pirang-pirang djeung para-ponggawa kabeh.

Katjarios Rangga Wajang soemping kana wates sarta mawa hoemboet kaoeng pakeun seba ka ratoe, rehna ratoe keur kasoesahan kapalingan poetri.

Barang katingali, Rangga Wajang nindihkeun hoemboet kaoeng, toeloej dipariksa koe ratoe: „sampean oerang mana mawa hoemboet kaoeng ka dieu?"

Oendjoekan poen Rangga Wajang: „soemoehoen pariksa, koering teh ti dinja ti lemboer Kaoeng ngaloeoek satangkal, kaoelanoen, ari ngaran koering Beunjing meulit.[1] Noe matak ngadeuheus tea mah, koering sedja oeloen koemawoela, tapi taja njapaseba ngan hoemboet kaoeng."

Ngalahir Gadjah Waringin: „sampean naon nja kabisa?"

Ngawalon poen Beunjing meulit: „soemoehoen taja kabisa ngan nepoes keris.”

Saoer Gadjah Waringin: „sampean, lamoen bisa nepoes keris, kaoela sapirang-pirang."

Poen Beunjing meulit hatoer: „soemangga."

Ladjeng ditepoes eta keris.

Kira-kira doeapoeloeh noe geus ditepoes, tatjan keneh bae kapanggih noe dipikahajang tea mah. Lila-lila kapanggih keris noe dipikahajang teh, saoer Beunjing meulit: „nja ieu keris noe sae teh." Ladjeng ditepoes barina loeak-lieuk.

„Sampean oelah djalingeur", saoer Gadjah Waringin.

Ngawalon poen Beunjing meulit: „henteu loeak-lieuk, noen."

Ti dinja pek ditepoes eta keris, pokna:

„ari kieu tepoes eh"
„ari kieu tepoes ah"
„lahdalah;"

barina loempat Beunjing meulit.

Ari geus kitoe, disoesoel koe sararea.

Barang tepi kana sawah rambeteun rek eureun kasoesoel Beunijng meulit, toeloej ngarambet bae bari bobolokot koe leutak.

Ari pokna anoe njoesoel: „euj, soegan aja djelema noe mawa keris ka dinja?"

„Ari tjek noe ngarambet: „teu aja ka dijeu."

——————————

  1. In den tekst hiervoren geeft hij voor van Bodjong Eurih te zijn en Moksel te heeten. Die naam is een aardigheid, een verdraaing van eksel, nietigheid, zie blz. 62.