Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/98

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
80
 

„Ari tjek noe njoesoel: „geuning kawas sampean." Kalieus-kalieusna mah.

„Henteu, kaoela mah ti isoek ge ngarambet bae njatjaran galeng di dieu."

Ti dinja katingali koe Rangga Wajang noe njoesoel njorendang kantong, ari Rangga Wajang njampeurkeun barina imoet kieu pokna: „soegan njandak lemareun, noen, dina kantong, koering toehoereun soengoet, ti isoek teu njeupah."

Tjek noe njoesoel: „rampes, seupaheun mah loba." Toeloej disodorkeun kantongna.

Ari saoer Rangga Wajang: „aloes temen kantongna, sabaraha digaleuhna?"

„Ari dibeulina tiloe roepia koe kaoela."

„Handjakal koerang poerek tiba sakieu." Bari disingset-singset sina pageuh; „beurat naker kantong teh, aja doewitna?"

„Noen", tjek noe boga, „aja doewitna genep baroe dina kantong."

Ari geus kitoe, teu tata-pasini, geledeg bae dibawa loempat eta kantong. Henteu kasoesoel bawaning tarik noe loempat, teu poegoeh ka kaler-kidoelna.

Katjarioskeun Rangga Wajang soemping ka poelo ngadeuheusan ka Koeda Pati Langen Sari, sarta njanggakeun keris; gantjang diasta eta keris.

Ladjeng ti poelo sadajana.

Ari soemping kana wates, kapendak sareng noe ngadjaga ti Koeta Waringin. Ari gantjangna ger bae perang rame pisan, meunang perangna Koeda Pati Langen Sari, ari Gadjah Waringin taloek sarta njanggakeun diri, saraoeh radja-bandana. Geus ditarima koe Koeda Pati Langen Sari.

Katjarioskeun Rangga Wajang dipiwarang ngiberan ka Padjadjaran, rehna Njai Soemoer Bandoeng geus soemping ka wates sarta moendoet dipapag ti Padjadjaran.

Barang ti dinja njaoer goendal, kieu pokna: „goendal, maneh ka dieu mawa koeda, koe aing dek ditoempakan."

Toeloej disanggakeun eta koeda.

„Ari maneh, goendal, moentang kana boentoetna."

Barang ti dinja tjeklak toenggang koeda berebet diloempatkeun, digitik oenggal ngalengkah koedana.

Ari goendalna datang ka oetah oeger; bawaning tjape teu meunang tinggaleun.

Barang soemping ka Padjadjaran, Rangga Wajang loengsoer, ari goendalna pajah teu inget-inget bawaning tjape. Geus reureuh sakeudeung, toeloej dititah ngarit.

Ari Rangga Wajang ladjeng ka paseban, ngadaoehkeun, jen dipiwarang ngiberan, jen Koeda Pati Langen Sari djeung Njai Soemoer Bandoeng geus soemping ka wates. „Sakitoe hatoer kaoela," tjek Rangga Wajang.