Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/100

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

eta tanah pikeun saheulaan dipasrahkeun koe manehnâ. ka Kapala-afdeeling kalawan pĕrtjoemah, soepaja dipĕlakan bangsa tatali-hoerip koe noe sedjen; sarta eta kawadjiban teh leungit deuîh lamoen manehanana bisa nĕrangkeun ka Kapala-afdeeling, jen maranehanana pribadi atawa babarĕngan djeung batoerna, geu marĕlak bangsa tatali-hoerip make djalan sedjen.

(4) Parentah anoe kasĕboet dina ajat kahidji tea, sadjĕro 14 poë ti satampana eta parentah beunang disawalaan koe soerat ka Kapala karĕsidenan, anoe baris maparin poetoesan. Lamoen kadjadian hal ieu, kawadjiban mĕlakan tanah kosong tea dipoendoerkeun nĕpi ka datangna poetoesan.

Artikĕl 2. Pikeun ngadjalankeun anoe kasĕboet dina artikĕl 1 dianggap oge tanah kosong, tanah-tanah anoe dipĕlakan bangsa „pĕlak-tahoen” anoe masih leutik keneh, sarta lamoen dipĕlakan sĕsĕlana moal piroeksakeun, nja eta noeroet timbangan Kapala-afdeeling sanggeusna mariksa timbangan hidji koemisi anoe didjieun koe Kapala-karĕsidenan, anoe lidna bangsa ahli-ahli bae. Anoe ditangtoekeun dina ajat 4 artikĕl kahidji keuna oge kana tanah-tanah anoe kieu.

Artikĕl 3. Anoe ditĕtĕpkeun dina artikĕl 1 djeung 2, keur oge ka Concessie-tatanen di karadjaan2 laleutik di loear Poelo Djawa djeung Madoera, djeung di onderneming2 di Solo djeung Djogja. Dina hal ieu anoe dikeunakeun teh ajat kadoea artikĕl pikeun tanah erpah djeung tanah2 partikoelir.

Artikĕl 4. Saha2 anoe pikeun saheulaan masrahkeun tanahna ka noe sedjen, nja eta tanah anoe koedoe dipĕlakan pĕpĕlakan tatali-hoerip anoe kasĕboet dina artikĕl 1 tea, hĕnteu boga hak pikeun mĕrkarakeun ka hoekoem pikeun njaboet pĕrdjangdjian atawa menta paroeroegi (ganti karoegian) ti djĕlĕma anoe njimpang tina djangdjina, noe mĕlakan eta tanah koe pĕpĕlakananoe diparentahkeun tea atawa masrahkeun eta tanah keur saheulaan ka Kapala-karĕsidenan kalawan pĕrtjoemah, soepaja eta tanah dipĕlakan bangsa tatali-hoerip koe noe sedjen.

Artikĕl 5. Kapala-karĕsidenan, lamoen pĕrloe, baris njieun atoeran2 anoe koedoe ditoeroet dina ngadjalankeunana eta kawadjiban.

Dĕmi hal tanah2 kontrakan, kapala pamarentahan koedoe badami djeung koemisi anoe ĕlid-ĕlidna kabeh djalma2 anoe baroga kapĕrloean hal eta. Di karĕsidenan anoe aja pakoempoelan-tatani njieunna koemisi, Kapala-karĕsidenan koedoe menta timbangana eta pakoempoelan.

- 125 -