Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/105

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

ordonansi-maksa-pěpělakan, pěrloe oge disebatkeun sabaraha lamina eta tanah koe noe gadoeh dipasrahkeunana ka Kapala-afdeeling mambrih manehna lesot tea tina kawadjibanana pikeun mělakan eta tanah koe bangsa tatall-hoerlp. Dina nětěpkeunana lamina, pěrloe ngingětkeun anoe kasebat di loehoer.

Oepami eta tanah parantos dipasrahkeun ka Kapala-afdeellng. anoe gadoeh tanah (toean ondernemingna) dianggap parantos nohonan kana kawadjibanana, sanadjan Kapala-ufdeeilng oepamina teu manggih djělěma anoe daekeun mělakan eta tanah. Nanging maksa anoe garadoeh tanah keduh masrahkeun tanahna kitoe teh, biasana sok kirang sae, oepami tatjan pasti jen aja pidjělěmaeunana anoe baris molah djeung saena.

Oepami teu aja plsan djělěma anoe daekeun mělakan eta tanah, ari Kapula-afdeeling nganggap, lantaran aja sabab-sababna anoe sah, pěrloe katjida eta tanah teh dipelakan pikeun kadaharan tatali-hoerip, andjeunna kenging njanggakeun voorstel, soepaja eta tanah dipělakan koe Goepěrněmen atawa koe Zelfbestuur dikoelikeun. Pikeun di tanah Zelfbestuur kedah badamt heula djeung Zelfbestuurna tea.

Oepami eta tanah tea disina dipělakan bangsa tatall-hoerip koe oerang Priboemi anoe daraekeun molah moegi diemoetkeun, jen hal eta teh, tiasa oge ngadjadikeun karoegian ageng ka anoe gadoeh tanah. Sanes parantos taringali sadaja oge, jen oerang Priboemi teh gagabah katfida kana ngoeroes tanah, narekahan soepados gěmoekna oelah paralid teh? Ngoeruesna tanah indjeuman mah tangtos langkoeng lalawara deui, da rasana sanesna anoena tea. Oepadi tanah² anoe lalamping mah, geus tangtos beuki loba bae gemoekna anoe paralid teh;: toeroeg deuih di tanah anoe karitoe mah pangasilanana sok saeutik pisan. Koe hal eta pěrloe, ditimbang heula, naha pangasilanana kinten satimbang sareng karoeksakanana? Djadi dina hal ieu kedah ati-atl pisan mětakeunana atoeran teh.

Dina ajat katiloe artikel 1 disebatkeun, jeu eta tanah dipasrahkeun ka Kapala-afdeeling kalawan pertjoemah.

Di tanah partikoelir kědah diemoetkeun, jen tanah anoe dibikeun koe toean tanah pikeun dipělakan bangsa tatali-hoerip, eta teu keuna koe tjoeke. Tapi oepami anoe nikeunna oerang Priboemi anoe matoeh di tanah partikoelir sarta tanah anoe dipasrahkeun teh tanah oesaha", eta djělčma lětě kědah majar tjoeke ka toean tanah,

Di karesidenan anoe aja concessie-talanen, bakal kadjadian hal ieu: Koe sabab artikel 6 něrapkeun oge pamaksa ka noe garadoeh concessie, padahal eta tanah teh tuahna Zelfbestuur anoe dipake koe noe garadoeh concessie tea, nanging bal anoe saroepa kieu henteu kasebat-sebat ti tadina, henteu dibarempagkeun.