Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/119

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

torowongan² heula, kakara bisa tépi kana lapis taneuh biroe anoe sok intěnan.

Eta taneuh teuas noe semoe biroe anoe tinggoeroentoel teh toeloej dikědoekan, aja anoe dieusi intěn, gědena panta², aja noe dieusi barang tambang sedjen, baoer bae.

Ari misahkeun batoe noe intěnan lian barang tambang, nja eta koe ngagoenakeun bakatna eta batoe, sok narapěl kana medja noe beunang ngoelasan koe gadjih, da ari batoe noe sedjen mah tara.

Pětana kieu:

Taneuh teuas noe sẽmoe biroe teh ditoetoean tepi ka lemboet pisan, toeloej diběrěsihan dina tjai, soepaja barang lian, noe harampang misah ngararambang, sanggeus kitoe kakara diawoerkeun kana medja anoe beunang ngoelasan koe gadjih. Toeloej dibandjoer koe tjai ati² pisan. Batoe² noe aja inténan narapěl kana medja, salian ti eta kabawa koe tjai.

Ti dinja batoe noe narapèl kana medja teh, toeloej diasah tepi ka djadi intěn djeung běrlian. Intèn noe galede langka pisan ajan, lolobana mah laleutik bae djeung noe lalemboet pisan.

Ari intën teh warna²: Aja noe bodas, aja noe koneng, semu beureum, kajas, woengoe, hedjo, biroe djeung hideung.

Lantaran permata-pěrmata teh mahal hargana, soedagar² pabisa-bisa bae neangan akal baris malsoe.

Koesabab eta bejana MeNang milih pèrmata weh, koedoe ati² pisan bisi katipoe. Komo deui orpama eta permata geus diwatangan mah, mariksana teh hese pisan Mindeng pisan poegoeh² kristal goenoeng madjarkeun teh intén batas, poegoeh² ratna tjampaka beunang masak soepaja kajas, madjar teh intěn kajas.

Aja deui noe palsoe noe diseboet ko basa walanda. „doubleeren van een steen" légèsna ditjampoeran koe batoe masakan noe saroea roepana. Intèn koneng bisa dileungitkeun konengna, pikeun sawatara lilana nja ta dikeueum lika dina ultram azijn atawa dina barang entjer bangsa eta noe sedjen.

Sakapeung dina inten noe geus diwatangan emas, merean roepana teh saeutik pisan, dina gosokan-gosokanana anoe samar anoe bangoenna toerih-wadjit atawa tjangkokna make dasar.

Kadjaba dipake papës, intén téh sok dipake kana pěrkara lian noe leuwih manpaat.

Sarerea oge geus unoeninga, Jen hiten teh sakitoe teuasna, eta sababna noe matak sok dipake ngarent inten deui, tipoengna nja noe sok dipake ngasah Intén tea.

Pikeun motong bangsa běling djeung poslen anoe dipake nja inten anoe geus beunang njeukeutan, kitoe deui pikeun ngoekir bangsa běling. Geuning gělas thermometer sok dibagi-bagi make schaal, tah eta goerat² ane sakitoe lalemboetna teh digoeratanana koe inten.

142