Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/126

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

hampang. Hal ieu ĕnggeus ditjoba pirang² kali, kalawan titi pisan, boektina kieu:

Samangsa erperak tea toeroen 1 m.M., lamoen oerang harita aja di tĕmpat anoe loehoerna ti laoet:

160 M., noedoehkeun geus nandjak 10,5 M.
±1000 M., noedoehkeun geus nanjak 11,5 M.
2000 nĕpi ka 3000 M., noedoehkeun geus nandjak 13,- M.
3000 nĕpi ka 4000 M. noedoehkeun geus nanjak 13,5 M.
4000 nĕpi ka 5000 M. noedoehkeun geus nanjak 14,- M.

Nilik kana beubeunangan mariksa noe bieu tea, tembong pisan jen: daja paneueul hawa teh beuki loehoer tĕmpatna beuki koerang, tapi ngoeranganana beuki kĕndor.

Koe sabab barometĕr model bakbarometer hese dibawa ka goenoeng, koe hal eta toean BOURDON neangan akal, soepaja bisa njieun barometĕr anoe hĕnteu make erperak. Barometĕr toean BOURDON mah didjieunna koe bangsa logam, bangoenna boendĕr tjara erlodji, make djaroem deuih koemaha erlodji bae; djadi gampang dibabawana.

llikan gambar No. 3.

BAROMETER-BOURDON.

Ari barometĕr model ieu didjieunna make solobong logam leutik sarta toengtoengna doeanana dipongpokan, di djĕrona kosong meh euweuh hawaan saeutik-eutik atjan. Eta solobong dipĕlĕngkoengkeun, toeloej diasoepkeun kana hidji wadah boendĕr tjara erlodji, tĕroes dipageuhan koe beusi gepeng, mambrih oelah lesot (ilikan gambar No. 3). Eta solobong toengtoengna (A djeung C) meh tĕpoeng-gĕlang, disamboengkeun koe poetĕran beusi (spil) E D. Eta solobong lamoen koe oerang diteueulkeun meueusan oge, sok tĕpoeng-gĕlang, tapi dimana dilesotkeun deui balik deui tjara tadina. Dina tĕngah-tĕngahna poetĕran beusi tea make spiraalveer (per-poeril), sarta bagianana di loear maneuh kana wadah anoe tjara erlodji tea. Dĕmi poetĕran (spil) tea njamboeng kana senggotan (zwengel) I K, nja eta anoe ngobahkeun djaroem.

Geus dipariksa kalawan titi pisan, jen di mana peneueul hawa tambah bĕdas, toengtoeng solobong teh beuki padeukeut. Katĕranganana kieu:

Lamoen paneueul hawa oenggal 1 c.M². nambahan 1 gram, lantaran beungeut solobong bagian loear leuwih lĕga batan beungeut anoe ti djĕro, djadi neueulna hawa anoe asoep tangtoe leuwih gĕde batan anoe ka loear.

- 149 -