Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/138

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

dipikahajang tea, sarta diakal-akal sangkan anoe pangaloesna tjitjing ti loehoer atawa ti gigir.

Tadi geus disěboetkeun hal sarangka anoe gogodongna ngahidji djeung gandar djeung anoe disamboeng. Anoe kahidji disěboetna sarangka-irasan atawa sarangka-gandar-iras, ari anoe kadoea su rangka potokan.

Ari anoe diseboet gandar, nja eta bagian sarangka noe pandjang noe ti handap těmpat seuseukeut kěris tea.

Oepama oerang rek njieun sarangka potokan ladrang, anoe Lorene dipigawe mimitina, njieun daoenna heula, nja eta hagiar gogodong anoe ti toekang. Lamoen rek njieun tjara Djogja bagonna droën gogodong koedoe tjara daoen-nangka, atawa daoen-sawo. Ari tjara Solo mah hěnteu těrang, koedoe tjara daoen naon, ngan kawasna bae tjara daoen ěndong.

- 161 -