Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/140

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

njleun oekěl, nja eta anoe minangka daoen gogodong dina ajdrang, toeloej njieun gegehet keur njamboengkeunana.

Děmi pětana njieun sarangka {[sp|gandar-iras}} ten, hente sabaraha bedana djeung njieun sarangka potokan bae, ngan tangtoe henteu koedoe njieun gegehet keur njamboengkeun. da geus ngahidji ten.

Lamoen noe didjieunna. sarangka gandar-irus teh, lan kai anoe aja hoongkoelan, tapi kajoe-loeroes, koedoe diatoer koe nerang galerna ti toengtoeng danen gogodong něpi kana angkrep koedoe beres.

Dina gajaman eta galer koedou beres ti toengtoeng oekėl nupi kana djanggot. Lamoen bakalna trěmbalo anoe aja boengkoelan, galer djeung rorengna koedoe njěbar saloearna.

Sanggeus kitoe, kakara eta sarangka ditjokrah keur tempat keur tea. Njieunna dibor koe djara dina gogodong beulah ti loehoer, antara tjangkring tea, gědena koedoe saroea djeung kanděla gandja eta kěris. Toeloej eta lang digedenn ka toekang jeung ka hareup, nja kitoe deui gigirna, koe dedet (parabot paranti ngageědean liang), bangounna eta liang koedoe tjara gandja keris. Kerisna koedoe mindeng ditjoha diasoepkeun; lěbah ande sereg keneh, dina gogodongna koedoe ditjirian koe patlot, toeloej digědean deui koe peso (wali) len. Kěrisna dioelasan minjak make langěs, toeloej dipas deui kana gogodong tea. Lěbah noe rada sereg, tangtoe gogodong antěl kana kèris tea, djadi lëbah dinja kaminjakan. Toeloej dikeureut koe peso wali tea. Kitoe bae, nëpi ka asoep sasrekna. Lamoen eta geus anggeus. toeloej migawe gandarna. Anoe panghadena didjieun gandar, kajoe-tjandana, pambrihna ngarah lamoen kèrisna ditjaboet tina sarangkana, seungit. Lamoen euweuh kajoe-tjandana, sok iqba oge anoe njarieun koe mindi. Gandar koedoe leuwih pandjang manan kěrisna; ari didjieunna make rimbas bae dibangoen pěndok anoe rek Ditěrapkeun. Pěndokna, ti djèrona, diminjakan make langes tea, toeloej gandarna diasoepkeun kana pěndok. Lamoen katembong gěde teuing atawa masih keneh karadak, dikikir dlleutikan atawa dirarata. Oepama eta ganda: geur sasrekna pisan kana pendok, henteu těroes diterapkeun deui, tapi didjaboet deui. Sabab lang gandar anoe sapandjangna pisan keris tea, eta koedoe didjeroan deui, koedoe leuwih djero manan pandjangna kèris. Kadjaba di djeroan, koedoe rada digèdean deui, parabotna ngarann segrek (sabangsa kikir), datang ka, kèrisna rada logor, henteu sasrěkna pisan. Ari noe dipambrih. ngarah babari ditarikna, djeung soepaja oelah babari taihiangan. Ti dinja teoloej gogodong djeung gandar disamboengkeun, sarta kodoe rangrapět kai biasa disebut antjoer-lempeng.

- 163 -