Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/186

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

POEPOEH 12.

Sinom.

351. Katjarios lawas2, kandjĕng Dalĕm Adipati, ĕnggeus lami djoemĕnĕngna, di Tjandjoer djadi Boepati, dongkap manah prihatin, tina ngaraos geus sĕpoeh, rek njirnakeun salira, noeloejkeun moedji ngabakti, koemawoela ka Goesti Noe Maha Moelja.

352. Gantjangna njanggakeun sĕrat, ka Goepĕrmen nĕda idin, njoehoenkeun liren harita, tina pangkatna Boepati, reudjeung njanggakeun deui, pigĕntoseunana tangtoe, poetra noe nomĕr opat, djĕnĕngan keur moerangkalih, di Sadjarah Aom kantjra katĕlahna.

353. Rahaden Wiranaga, djĕnĕngan ënggeus birahi, teu lami dongkap poetoesan, Goepĕrmen maparin idin, liren tina Boepati. toer djeung kahormatan estoe, sarta djeung bisloeitna, keur poetra anoe ngaganti, noe djĕnĕngan Rahaden Wiranagara.

354. Toemĕnggoeng eta pangkatna, ngagĕntos djadi Boepati. Dalĕm sĕpoeh katjarita, sanggeus liren ladjëng ngallh, ngadamĕl hidji boemi, kaler-koelon aloen-aloen, kaoem kaler nĕlahna, paeunteung-eunteung djeung masdjid, sanggeus ngalih Dalĕm toetoeg ngagantina.

355. Beurang-peuting hĕnteu pĕgat, moedji ka Raboel-Alamin, ka masigit bĕrdjamaäh. saban waktoe Dalĕm soemping, sarta ngaos di masdjid, oenggal Sĕnen Kĕmis tangtoe, hĕnteu kintĕn ragabna, rea menak noe njalantri, eta kongas Dalĕm Kaoem disĕboetna.

356. Dalĕm anom katjarita, djĕnĕngna teu pati lami, dilirenkeun koe kang rama, papasten kĕrsa Jang Widi, adjal moebaram pasti, di lohmahpoed ĕnggeus tangtoe, hĕnteu lami djĕnĕngna, dangĕt eta hidjrah Nabi, sewoe doea ratoes lima poeloeh warsa.

357. Kangdjĕng Dalĕm enggal, ka Goepĕrmen rĕkes deui, njanggakeun sahidji sĕrat, njoehoenkeun noe djadi ganti, nja eta Raden Patih, Dalĕm Toemĕnggoeng, noe tadi liren tea, antarana hĕnteu lami, enggal dongkap poetoesan djeung bisloeitna.

358. Jen Aom Hasan diangkat, djoemmĕnĕng djadi Boepati, Toe­mĕnggoeng Koesoemahnlngrat, pangkat dalapan Boepati. ajeuna kotjap deui, njaeta Dalĕm Toemĕnggoeng, sanggeusna maren tea, antara hĕnteu lami, amoeng doea tahoen ladjĕng bae wapat.

359. Katjatoerkeun Dalĕm Arja, Koesoemahnlngrat Boepati, gantjangna geus dinoergaha, kenging pangkat Adipati, sarta reudjeung bisloeit, ti Gouvernement noe Agoeng, digĕntos kakasihna. sanggeus pangkat Adipati, Adipati Aria Koesoemahnlngrat.