Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/230

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Djaman harita loba para bopati anoe kĕrĕsa njĕratkeun pamândakna koe basa Soenda, malah rea anoe tĕroes dikintoenkeun ka Bataviaasch Genootschan van kunsten en wetenschapen. Sapĕrti Kangdjĕng Dalĕm Aria KOESOEMA DI NINGRAT, Bopati Tjiamis anoe marhoem anoe katjĕloek bangkit tea, geus ngintoenkeun karangan hal Tadoe djeung boejoet ka genootschap. Eusina eta karangan loba anoe hade dikanjahokeun koe oerang Soenda. Koe sabab eta ieu di handap dltoeliskeun; sarta basana hĕnteu aja anoe dirobah, ditoeroet sakoemaha asalna.

1.

Tjadoe dahar laoek moending boele. Oerang desa Banaraga, noe asal desa eta, geus prah rea noe boejoet dahar laoek moending boele. Asal-asalna diterangkeun koe aki Badjra Koesemah: Praboe Tadji Malela keurna orok ditinggalkeun di dajeuh, kadatangan moesoeh sedjen, sakabeh djalma, awewe lalaki, boebar pada moeboes. Bawaning goegoep loempat ti lĕmboer, rasana ngais orok; barang datang ka leuweung. horeng noe diais teh loeloempang. Kira2 meunang 2—3 peuting pada maroelang ka dajeuh: orok geus teu kasampak, dipagarkeun dibawa koe moesoeh. Lawas2 eta orok kapanggih ti leuweung, keur disoesoean koe moending boele, Ti watĕs harita toeroenan eta nĕpi ka ajeuna tjadoe dahar laoek moending boele, kitoe deui mĕrgasa atawa meuntjit.

2.

Tjadoe ngingoe manoek titiran. Tjarita Aki Djamaroen. Oerang desa Sadananja aja noe boejoet tjadoe ngingoe titiran. Asalna bogoh ngala titiran. dipake kasab didjoealan. Ari pakakasna toeloep. Eta djalma panonna petjak sabeulah. Dina sahidji waktoe ngadodoho manoek titiran dina kai, rek ditoeloep, eta djalma tatanggahan diisingan manoek titiran. Tai titiran ringgang kana panonna noe petjak; eta panon djadi beunta sarta awas. Ti dinja moelang; datang ka imah ragrag saoer, sakoer anak2 poetoe ti watĕs ajeuna oelah rek mĕrgasa titiran.

3.

Tjadoe mĕlak djeung dahar handjĕli djeung ĕmbe hideung. Tjarita Aki Soerawidjaja. Asal-asalna djaman masih dahar handjĕli karoehoenna, kaitoeng kaja, ngaleuitan handjëli. Dina sahidji waktoe istrina ka leuit, koe sabab adatna handjĕli tea lesang, barang ditintjak handjĕlina miléj, djalmana

- 249 -