Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/8

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

PIHATOER.

Ieu almĕnak kaloearan Bale Poestaka anoe katiloe. Dina oenggal tahoen anoe ngagaraleuh alměnak ti Bale Poestaka tambah-matambah bae lobana, datang ka dina tahoen poengkoer mah kapaksa kĕdah njitak deui, doemeh almĕnak geus seep, ari anoe ngagaraleuh moeroeboel keneh bae. Soepaja oelah kadjadian tjara tahoen poengkoer, nĕpi ka kapaksa njitak doea kali, dina tahoen ieu njitakna dilobaan.

Ngahatoeranan pakemoet ka sakoer anoe bade ngagaraleuh almĕnak ti Bale Poestaka, soepaja kĕrĕsa pĕsĕn ti awalna, margi anoe pěsĕn pangpajoenna dioeroesna ti pajoen, noe ti poengkoer, ti poengkoer deui.

Dĕmi pakeun eusina almĕnak tahoen 1922, panĕda Bale Poestaka ka sadaja boedjangga Pasoendan, moegi karĕrĕsa ngadeudeul koe karangan anoe sarae sarĕng mangpaat, noe agĕng pedahna keur nambahan kamadjoean oerang Priboemi sarĕng pangwoewoeh kanjaho bab kaajaan kapoeloan Hindia-Wetan. Oepadi gambar sarĕng potret palataran Tanah Hindia anoe rarĕsmi, tan wande dipĕrloekeun dilĕbĕtkeun kana alměnak 1922.

Ari potret djĕlĕma anoe baris dilĕbĕtkeun ngan potret djalma2 anoe galĕde jasana bae, atawa sakoerangna oge anoe aja caritakeuneunana. Gambar djĕlĕma anoe katjida pisan kolotna atawa aja kaanehanana salian ti eta, beunang oge diasoepkeun kana Volksalmanak.

Kadjabi ti eta, pĕrloe ditjarioskeun di dieu, margina ieu almĕnak hĕnteu patos kandĕl sapĕrtos alměnak tahoen 1920, nja eta saperkawis pangaos kĕrtas beuki mahal bae, ongkos njitak woewoeh loehoer, kawoewoeh deuih boeroehan anoe karoeli beuki dieu beuki agĕng bae, doepi paniatan Bale Poestaka hĕnteu bade naekkeun pangaos alměnakna ti f 0.75, pambrihna ngarah kabĕdag koe djĕlĕma noe teu garadoeh, noe rarĕsĕp nambahan kanjahona.

Salam

Bale Poestaka.

__________

1
― 1 ―