Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/83

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

sabot Indoengna dipakė, anakna diantěp ngentjar di dinja. Těgal anoe kitoe, gede pisan gawena, komo keur ngentjar anakna mah lain dikleuna përloena., Oepama euweuh tegal pikeun tempat ngentjarkeun anak koeda, anggoer oelah bae ngabibit, sabab geus tangtoe roegi.

Kadjaba ti eta, anak koeda teh lain ngan koedoe dibere djoekoet bae, tapi perloe dibere parab sedjen, kajaning hoeoet, da di Priangan mah loba hoeoet teh toer hargana moerah. Ari marabkeunana. didjieun kokombong, dina sapoë dibere doea kali.

i. ATOERAN NGAMPIHAN PARE.

Meureun sarerea oge geus pada terang. Jen pare teh beunang diampihan moelan-malen, malah ana hade ngampihanana mah něpi ka tahoen-tahoen. Ari anoe diseboet „hade ngampihanana" teh, nja eta parena hade djeung tempat ngampihanana hade deuih.

Hal parena.

Pare ampihaneun aja doea roepa:

  1. pare duhareun;
  2. pare pihiniheun.

Ajeuna oerang tjaritakeun hal pare dahareun heula.

a. Dipiboeatanana koedoe geus asak ěnja, sarta moëna koedoe toehoer pisan. Soepaja tereh toehoer, pare bondotan teh koedoe ditoempoek heula meunang 2 nëpi ka 4 poë lilana; gedena toempoekanana: goerat-tengahna 1½ M., loehoerna kira² 2 M. Koe ngělěkěbna, eta pare gantjang garingna.

Sakapeung sanggeus ditoempoek sakítoe poë teh, koe didaraj sakali oge dina hade poëna, eta pare geus toehoer. Tapi mindeng oge henteu tjoekoep koe sakali ngadaraj bae, koedoe rada mindeng, djadi koedoe aja 3-4 poena deui. Pendekna, eta pare teh koedoe dipoě něpi „ka toehoer běněr". Geus kitoe kakara hade dipotjong sarta digeugeus. Ti dinja kakara toeloej dikaleuitkeun.

Lamoen pare tea tatjan toehoer běněr, tapi geus dipotjong atawa geus digeugeus, koe oerang koedoe dipoë deui. Ari pětana moëna, Jamoen parena anoe perloe ditoehoerkeun teh, diteundeunna koedoe dibalikkeun; nja eta sapoena ti handap, pare ti loehoer aina meber tjara kěpět. Lamoen hajang noehoerkeun sapoena, pare ti handap sina namprak, sarta oepama pěrloe, pangkekna koedoe dikěndoran, mambrih panasna poë asoep ka djěro. Atoeran moe kieu teh sok dipětakeun oge dina moë pare anoe geus boelan² di leuit baseuh koe kabotjoran, atawa rada baseuh lantaran di leuit koerang hawa.

Pare anoe henteu asak běněr, atawa anoe asakna goreng lantaran goreng mangsa, boh lantaran keuna koe hama atawa dipiboeatanana

- 108 -