Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/87

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

pare walatra meunangna hawa. Aja deui anoe hade pikeun tilam, nja eta koe djarami toehoer (kandělna 1 à 1½ dim). Eta djarami tangtoe djadi padět ěnja, tapi tangtoe bae hawa mah babari asoepna.

Pare oelah pisan antěl kana bangsa tembok djeung batoe, sabab bangsa kitoe kana pare matak roeksak. Lamoen eta goedang make tihang tembok, oelah bae arek aja pare anoe antěl ka dinja, atawa lamoen sakira kapaksa kaantělan koe pare, eta tihang koedoe diboelen heula koe paloepoeh. Pikeun ngadjaga bisi aja botjor atawa bisi hawa djadi iboen lantaran koe tiisna hateup seng, hade pisan oepama eta pare ti loehoerna ditoetoep koe djarami boh koe kadjang atawa koe naon bae sapapadana. Beunang oge ti loehoerna diteundeunan karoeng² bangsal atawa karoeng heutjak, pambrihna soepaja pare tea oelah baseuh.

Lamoen katimbang koe oerang, jen eta pare oepama dihidjikeun moal toehoer běněr, lantaran leuitna tea goreng atawa lantaran aja sabab sedjen, hade eta pare ditoempoek bae, didjieun toempoekan laleutik anoe nareros laleutik ka loehoer, gedena ti handap (goerat-tengahna) kira² 1 atawa 1½ M., toeloej ti loehoerna ditioengan koe sageugeus. Hawa koedoe babari kaloear-asoepna. Lamoen eta pare aja noe maling babari katjiri ari ditoempoek baroeleud kitoe mah, da meureun toempoekanana robah roepana. Oepama soesah oerang moĕkeun deui eta pare, eta toempoekan sanggeusna 2 atawa 3 poë koedoe diboeka, digibrig-gibrig, toeloej ditoempoek deui. Lamoen leuitna atawa goedang tea leutik teuing, datang ka teu bisa didjleun toempoekan laleutik kitoe, kapaksa oepamana koedoe didjieun toempoekan galěde, poma koedoe dlakal-akal soepaja hawana oelah panas teuing koe ngělěkěbna. Koe sabab eta hade make wadah-hawa koe awi beunang nganjam anoe goerat-tengahna kira² ½ M.; ari pandjangna eta wadah-hawa teh koedoe saroea djeung loehoerna toempoekan; ari tjarangna eta wadah-hawa oelah leuwih ti 3 M. Oepama sangheuk make wadah-hawa, hade njleun lolongkrang ditjitak koe blek minjak-tanah oepamana. Panasna perloe mindeng dipariksa, koe ngasoepkeun leungeun kana liang tea. Oepama ngarah babari mariksana panas, hadena mah njieun saoeng koe awi, tjara paranti noempoek bako tea. Koedoe diingětkeun pisan, panasna teu meunang leuwih ti 50° Celsius. Lamoen anoe ditoempoek teh pare rada baseuh, eta, biasana gantjang nakěr panasna něpi ka sakitoe teh; lamoen panasna geus sakitoe, toempoekanana koedoe gantjang dibocka, digibrig-gibrig djeung dihearkeun, sangkan eta pare oelah djadi goreng kos ngělěkébna atawa oelah datang ka kadjadlan kahoeroean. Tapi ari panghadena mah keur nolak soepaja oelah něpi ka panas kitoe teh, euweuh deui ngan eta pare koedoe „toehoer enja" didjieun toempoekan galede. Ari pare

- 112 -