Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/349

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

djawabna nja kitoe, djĕlĕma teh di mana-mana asa aja di kolong langit. Djadi oepama oerang noeroetkeun kana rarasaan oenggal djèiema di boemi, ngangkeuhkeun langit aja woedjoedna, atoeh langit teh meureun lain djiga ajakan bangoenna, tapi djiga bal; ari boemi di djerona, di tengah-tengah, saibarat beubeureum ĕndog aja dina tĕngah-tĕngah tjangkangna, ngan di lebah bobodasna hĕnteu aja naon-naon, disĕboetna awang-awang. Tah kitoe tjek rarasaan, djadi oepama digambar, pigambareunana teh sapĕrti gambar ka 2.

Noe boeleud di tĕngah-tĕngah ibarat boemi, ari sirkĕl noe ngoerilingan, minangka koeriling langit.

Moen djëlëma teu panasaran, moal hajang tĕtĕroesan, geus bae kitoe, da nja kitoe tjek rasa sarerea ge.

Tapi anoe panasaran, teu wĕleh-wĕleh mikiran, hajang kaharti koe akal, naon langit teh?

Samemeh ngadjawab eta pananja, oerang ngarasakeun heula, rarasaan sarerea anoe asa katjida bĕnĕrna tea. Ieu-ieu pada njĕboet, jen panonpoë, boelan djeung bentang, kabeh narapel kana langit, djadi kabeh saroea bae djaoehna. Moen ĕnja kitoe, meureun panonpoë atawa boelan, radjeun ngarandëg, da kahalangan koe bentang. Padahal oepama oerang ngawaskeun boelan, madjoena ngoelon (saĕnjana, boelan mah madjoena ngetan) ngambah langit teh taja pisan ngarandĕgna, da taja noe ngahalangan. Kitoe deui panonpoë, oenggal poë ngagĕlĕjĕr madjoe ngoelon, teu ngadoepak naon-naon. Eta kabeh djadi tanda, jen soegri woedjoed di langit (hemellichamen) hĕnteu saroea djaoehna. Bangsa anoe pangheulana pikiranana nĕpi ka dinja, nja eta Tjina (Tionghoa), geus kitoe oerang Hindoe, oerang Mĕsir, oerang Arab, toeloej bangsa-bangsa sedjen. Oerang Hindoe njahoeunana kana hal eta, lain dibedjaan koe Tjina, tapi beunang malikiran sorangan, koe tina leukeun-leukeunna nitenan anoe koemĕlip di langit. Sawatara reboe taoen ka toekang, koe oerang Hindoe geus ditĕtĕpkeun, jen anoe pangdeukeutna ka boemi, nja panonpoë (Dite), toeloej boelan (Soma), geus kitoe Mars (Anggara), Mercurius (Boeda), Jupiter (Respati), Venus (Soekra) djeung Saturnus (Toempek). (Anoe lima, anoe diseboet pandeuri, nja eta ngaran bentang bentang anoe baris ditjaritakeun deui di handap).

Eta ngaran anoe toedjoeh, koe oerang Hindoe diparake ngaran poë, da baheulana pisan mah poë teh taja ngaranna. Waktoe oerang Poelo Djawa ngaragĕm agama Hindoe, aja oge noe ni-

— 288 —