Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/118

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
119
 

Mangga geura tuwang kopi,
Kapan palay barang tuwang,
Dén Ahmad gugah jeung manis,
Parek Dén Ahmad tuwang kopi,
Suruput jeung tuwang anggur,
Énggal deui Siti Bagdad,
Seug nyarengan tuwang kopi,
Suruput anggur nu dieusi baruwang téya.


21.

Tacan séép nu dituwang,
Ku matihna daru beusi,
Lumur ragrag kana meja,
Ngalenggerek éta putri,
Ongkék barina teu éling,
Teu lami jol hulu manuk,
Tina baham Siti Bagdad,
Ku Dén Ahmad katingali,
Top dicandak tuluy dituwang harita.

22.

Barang bus kana bahamna,
Hulu manuk musna leungit,
Ka makam di awang-awang,
Ari éta Radén Putri,
Nyuuh na meja teu éling,
Radén Ahmad matur imut,
Hé kakang téh Siti Bagdad,
Éta téh jisim kuring,
Seja méré nyanggakeun pangbales kakang.

23.

Radén Ahmad bari nepak,
Nya éta kana Kakandi,
Geuwat éndong jaluk ubar,
Teu lami jol ubar matih,