Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/158

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
159
 

Opat jin geus miyos kabur,
Ngan sakilat opat jin,
Nu anjrek (?) nu ka Salaka,
Kocapkeun geus cunduk,
Kasondong nu duwa raja,
Nu jumeneng sadérék raja Manjeti,
Putra kénéh Sulaeman.

15.

Ngaratonna di darat di cai,
Anu aya sajero sagara,
Warna-warna kabéh lauk gedé,
Sang raja Wiranjana,
Harita keur mangsa linggih,
Sumping utusan ti raka,
Dewi Soja Ayu,
Duwa jin nyanggakeun serat,
Geus dicandak ku sang raja Wiracani,
Dina saunggeling serat.

16.

Ngangkir wali baris nikah nyi putri,
Pirakaeun jenengan Dén Ahmad,
Putra raja sang karaton,
Raja Wiranjana imut,
Atohna kaliwat saking,
Saya anjeuna ngaduda,
Ayeuna mah tangtu,
Sakalian nyiar garwa,
Ngawalian bari sakaliyan kawin,
Ka dulurna sadat putra.

17.

Enggal baé harita sang aji,
Saparantos éta ngaos serat,
Mantri papatik sakabéh,
Didawuhan ku sang ratu,