Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/196

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
197
 

Sangka Engkang téh kaul,
Wiréh meunang Siti Bagdad.

2.

Nu matak éta ngajerit,
Puguh bieu téh ku Engkang,
Disingsieunan putri téh,
Bet ngocéak jejeritan,
Imut maur prameswara,
Meureun teu sieun genan,
Da disingsieunan kuya.

3.

Akang ulah rusuh teuing,
Da engké eukeur saha,
Kawantu parawan kénéh,
Can beuki baranghakan,
Mowal cara anu randa,
Sagala gé enggeus duduk,
Raja Habesi ngagakgak.

4.

Kop Engkang nyérénkeun deui,
Masing hadé ngupah-ngupah,
Kawantu kampaan nembé,
Acan dibalabaran,
Premeswari ngangsonan,
Ka putri nu heula ngaku,
Mangga Enéng Siti Bagdad.

5.

Jeung aceuk urang ka puri,
Perkara éta akangna,
Masing loba geureuhna téh,
Teu meunang disisirikeun,
Ku Enéng téh kaédanan,
Geura ku aceuk // disebut,       (100)
Lobana ieu seliran.

6.

Opat puluh kurang hiji,