|
Duh Gusti sumuhun pisan,
Apan sim abdi nyaksiyan,
Malah anu maling kapungkur,
Anu maling Agan Bagdad.
|
13. |
Ieu silatna sim abdi,
Piwarangan Raja Habsah,
Malah nembé ka pengker téh,
Nu ngintun serat lamaran,
Disasaak ku gamparan,
Nya sim abdi pisan istu,
Terus maling Agan Bagdad.
|
14. |
Jisim abdi téh ti Habsi,
Senapatina ngalaga,
Amung ku radén Ahmad téh,
Abdi teu kiyat ngyonan,
Perang papak anggabaran,
Lami-lami abdi taluk,
Tina teu kiyat ngayonan.
|
15. |
Jeung nu matak perang tanding,
Waktu nyusul Agan bagdad,
Teu kiyat tuluy ngagandék,
Sakitu abdi tumarang,
Kakuping ku Sang Bendara,
Kagét jeung manahna ratug,
Mani asa tutunggulan.
|
16. |
Naha pikir aing,
Mana hanjakal ayeuna,
Cing mana atuh Ahmad téh,
Hayang nyaho dirupana,
Kutan manéh téh randa,
Nyi randa nyembah jeung matur,
|