Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/238

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
239
 

Anu maling agan Bagdad,
Dén putri unjukeun deui,
Ayeuna buta keur nyaba,
Ngarayah ka jero nagri.

19.

Ana datang angkaribung,
Bawana téh warni-warni,
Kadaharan lauk atah,
Mowal lila gé gusti,
Ayeuna buta tangtos datang,
Mangga atuh iyeu kuring.

20.

Bisi sidik buts jabul,
Enggeus ulah lami-lami,
Énggalna Rahadén Ahmad,
Sup ka jero nyandak putri,
Geus hapeuk bau babatang,
Dina jero guha hanyir.

21.

Duwa putri geus dipanggul,
Wiramaya Sentika deui,
Tampanan putri ti guha,
Duwa putri enggeus bijil,
Ditunggangkeun kana kuda,