Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/262

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
263
 
22.

Ku akang baé dicaluk,
Pikeun permaswari Mesir,
Radén Ahmad seug ngandika,
Sumuhun nyanggakeun abdi,
Ger gumujeung para raja,
Amprok sadaya per Bupati.

23.

Bakating ku suka kalbu,
Teu hésé nyiar deui,
Golétak mah dipayuneun,
Ngan kari hatur tingal,
Ka raja Sumanta puri,
Ratna Komala geus nguping.

24.

Bungah manah liwat langkung,
Silih ciwit dua putri,
Dén Ratna jeung Siti Bagdad,
Ting gelebug suka galih,
Saréhing payung kampatan,
Surup lelembutan putri.


25.

Gancang atuh dihatur,
(?) tuwangan ngabaris,
Dina meja enggeus pasang,
Katuwangeun warti-warti,
Geus puguh inum-inuman,
Anggur yarmah lawan bir.

26.

Brek sadaya para ratu,
Papatih ponggawa deui,
Sarengna parameswari,
Para putri para mentri,
Ramé anu barangtuang,
Geus pada suka ati.