| 7. | Berkah ibu rama deui,
Langkung ningali ayeuna,
Diulumayankeun abdi téh,
Jeung sultan keur sami garwa,
Enya iueuh diri abdi,
Nu asih ka jalma pulung,
Nuhun geulis ceuk ibuna. |
| 8. | Siti Bagdad unjuk deui,
Duh gusti deui haturan,
Sim kuring sareng putra téh,
Mentas wangsul tina kelar,
Saéna abdi boh putra,
Cilaka bagja jeung untung,
Jawab meswari Sumanta. |
| 9. | Nuhun Enéng anu geulis,
Nu jadi margalantaran,
Darajat pasihan Enéng,
Sapaat anu jeung rama,
Ibu téh kantun // sukana,
Ti dinya brék pada lungguh, (135)
Ngabaris para ponggawa. |
| 10. | Kocapkeun Panghulu Mesir,
Haturan mintan sadaya,
Kanu tuwa kanu anom,
Mamang nyanggakeun hadiah,
Salametan ieu nikah,
Jeung hadiah ka karuhun,
Ka nu tilar dunya sadaya. |
| 11. | Sultan berkah di Mesir,
Nya éta nu geus tilar dunya,
Mugi-mugi di kubur téh, |