Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/285

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
286
 

Geus kenging ku sim abdi,
Malah dipeuncit harita,
Keur dibeuleum ku sim abdi,
Manuk aya anu bangsat,
Nya ieu anak si anjing.

5.

Eukeur digagang digubug,
Dilebok ku si maling,
Ngaran Ahmad Muhammad,
Nu mendakna waktu maling,
Ieu iblis indungna,
Jeung bubuna si nu maling.

6.

Jadi nu alon sumuyuk,
Téh kitu sababna abdi,
Anu matak narah mayar,
Raos pikir jisim abdi,
Kuma ieu baé indungna,
Da bangsatna titah nyingkar.

7.

Mangga baé kaula nun,
Mayar dua rébu oan,
Tapi si Ahmad Muhammad,           (141)
Buktikeun arék dipeuncit,
Mesem nguping Kangjeng Sultan,
Pandita dipariksa deui.

8.

Cing ayeuna anu tangtu,
Paman pandita Habsi,
Ayeuna perkara téa,
Kauntup ku hukum Mesir,
Boh bilih kapanasaran,
Naon bilih aya deui.

9.

Pandita gancang piunjuk,
Sumuhun dawuhan gusti,