Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/296

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
297
 

Nu ngobeng para senapati.

16.

Kitu deui para Raja,
Geus sayagi dangdosan jurit,
Tatangungan kuda enggeus kumpul,
Gancangna baé carita,
Tutunggangan dititih sadaya ratu,
Dur mariyem tanda mangkat,
Turutug tamburna muni.

17.

Sagedé wadiya balad,
Ageng terompét dibarengan eujeung tanji,
Matak kalar nu ngadangu,
Ting gurilap pakarangna,
Banderana ting hawelab beureum wungkul,
Ngarurug Mesir nagara,
Kocap sakabéh perjurit.

18.

Dibarengan tatabeuhan,
Ger ngaguruh lir pindah banjir jaledir,
Kocap deui para ratu,
Geus pada tunggang titihan,
Raja Sundang tunggang kuda dawuk ruyung,
Panganggo hideung saputan,