Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/334

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
335
 

Jeung saur kami Habsi,
(?) kabuyutan yaktos.

21.

Sajengkal gé moal mundur tina pupus,
Tiningal mundur ku musrik,
Suka mati dina pupus,
Sakitu sasambat kami,
Waktu bieu basa ngomong.

22.

Nu enggeus sidik Raja Gondani ngadawuh,
Héy Ahmad Dipati Mesir,
Ngeunah temen éta saur,
Karana ieu téh kami,
Adi beuteung sang karaton.


23.

Dulur kami Dewi Kosasih kapungkur,
Dianggo garwa Sang Aji,
Nya éta ku Raja Jemur,
Pernah aceuk ka Kosasih,
Radén Ahmad mando malon.

24.

Enya éta ibu kuring anu tangtu,
Kakuping ku Sang Gondani,
Aduh Radén anak ingsun,