Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/342

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
343
 

Sakalangkung nafsuna urang Habsi,
Reup peuting kocap geus alum,
Di médan pasang bendera,
Raja Sundan ti habsi nu maju pupu,
Geus pirakeun médan perang,
Geus nangtang dina médan jurit.

11.

Lir tedak Patih Ngawangga,
Urang Mesir angen geuwat urang jurit,
Ulah talangké rék pupu,
Coba ieu Raja Sundang,
Toh jiwa pati teuk lumur,
Mana nu ngaran Si Ahmad,
Engén siya geura jurit.

12.

Ulah dék ganti bayangan,
Salian ti raja jeung Sultan Mesir,
Engén siya geura pupu,
Siya geus kesel ngantosan,
Kacarita para Ratu sareng Enung,
Nguping anu nangtang perang,
Sakalangkung ngangres galih.

13.

Kocapkeun Datuk Bendara,