Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/373

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

374

15. Radén Ahmad seug males mentang senjata,

Biyur jamparing geus tarik,

Barang rék nyabet Sundang,

Raja Sundang leungit musnah,

Panahna milepas tarik,

Mantri Habsi,

Sapat kababuk jamparing.

16. Sang Bentulu méh kasabet pinter nyanggap,

Senjata balik deui,

Ngan Mantri ti Habsah,

Babar kababuk panah,

Barang panah sumping deui,

Sang Raja Sundang,

Témbong deui nangtang jurit.

17. Eukeur kitu cangkata Raja Berginggang,

Ngalepas senjata deui,

Jala ranté langkung jahat,

Dén Ahmad ogé ningal,

Dipapag senjata jin,

Diadu panah.

Barang jebét senjata jin.