Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/393

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
23.

Sumawon ramana imut,
Nya éta Demang Mesir,
Wijana lolong-lolongan,
Hayang dibalédog deui,
Sekak sunggal ka paguyonan,
Kocap nu keur mindel galih.

24.

Sapating barengna nguyung,
Anu ngamanahan jurit,
Ratu Ayu Dewi Soja,
Naros ka raka dipati,
Kulanun raka dipatya,
Kumaha perkawis jurit.

25.

Balad (...) raos ripuh,
Kang rayi semaja ngiring,
Ka jero barata yuda,
Karana Ratu Habsi,
Ditaksirna ka rayina,
Kandel balad sugih mukti.

26.

Masih seueur anu ngamuk,
Matak rémpan maju jurit,