Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/400

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
401
 

Palangsiyang Radén Ahmad enggeus mati,
Ku Dewi Soja kadangu,
Ganeang unjukan ka Raja,
Jisim abdi manawi idin akang,
leu téh balad Habsah,
Dĕk dilawan ku balad jin.

12.

Raja Mesir seug ngandika,
Saé pisan ari sayagi mah Nyai,
Sugan tambah Nyai Ratu,
Teu nyandak balad réa,
Nyai mangga geura pajukeun itu,
Itu tingal balad akang,
Matak ketir liwat saking.

13.

Énggal Sang Dewi Soja,
Seug ngalirik ka Ganda Ermaya gasik,
Radén geuwat buru-buru,
Balad urang sina perang,
Kapegatan ku Radén Wiramatu,
Radén Ermaya Wiramaya,
Gédok nyembah gasik.

14.

Lir tatit bareng ning kilat //,(178)