Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/415

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Ben terahing gulubalang,
Sim abdi terahing nebi,
Putrana Sulaeman,
Putra ngiring Senapati.

7.

Ngagenténan rama perbu,
Ngayonan ka urang Habsi,
Sakitu abdi unjukan,
Muga uwa luntur galih,
Rama uwa ramo étang,
Sim abdi banget idin.

8.

Sakitu anu piunjuk,
Kakang ku Sultan Mesir,
Sarawuh ka para Raja,
Sakedap bengong teu muni,
Geus kitu Sri Maha Sultan,
Ngagentra ku sora mani.

9.

Sarta urang geus ngadangu,
Radén unjukan rék jurit,
Uwa teu weruh ngidinan,
Cindekna teu weléh idin,
Kumaha ceuk rama ujang.