Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/423

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

424

Montong tatanya deui.

2. Pada nenggor ku lade Raja-raja,

Tuh gening si Sultan Mesir,

Katara tetih,

Nu (...) jeung nyoba geura tangtang,

Raja Bantulu seug gasik,

Sorana médan,

Nganseug kabéh prabupati.

3. Sang Bantulu gantawang nangtang ti médan,

Coba engén urang Mesir,

Mana nu ngaran Muhammad,

Ulah liyar ti éta,

Atawa Ahmad Manjeti,

Geura jol dating,

Siya ulah talangké teuing.

4. Lamun siya hanteu datang ka médan,

Tangtu diontrok ku aing,

Di mana baé ayana,

Moal bias eureun perang,

Panangtang urang Habsi,

Bintulu Raja,