Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/439

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
440
 

Ka uwa Sri Maha Sultan,
Koeap ka Sultan geus sumping.


23.

Kangjeng Sultan seug ningalan,
Ka Ermaya sarta mawa hulu Habsi,
Ronghok kabĕh para Ratu,
Dewi Soja seug haturan,
Ka para raja ieu sadaya para ratu,
Ermaya kedah dihormat,
Papag ku surak tarik //.(190)


24.

Sang Sultan énggal nimbalan,
Nyepeng (...) sartatuang opat baris,
Teu lami waktuna (?),
Ger tatabeuhan jeung surak,
Bedil beris morobot jeung surak eampuh,
Para Raja sor ngahormat,
Mariyem nuruktuk muni.


25.

 Ngaguruh lir laut pasang,
Sora bedil geus taya elatna muni,
Ermaya geus baktos hulu,
Ku sadaya para Raja,
Pada ningal Gandani naksir ti payun,