Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/441

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
442
 

Diladénan ku Ratu Soja,
Sareng Ratu Kuraesin,
Barang tuang suka ati,
Maniayu waras (...),
(...) kitu deuih,
Urang Mesir pada rĕeok barang tuang sukan-sukan.


3.

Garios bujeng énggalna,
Sadara Prabupati,
Barang tutug barang tuang,
Dewi Soja unjuk tadim,
Agung paunjuk Raja,
Sadayana para Ratu,
Lan miwah ka para sepuh,
Réhing ayeuna Habsi,
Enggeus tutung samangsa danget ayeuna.

4.

Muga ulah kandel manah,
Ayeuna téh jisim kuring,
Émut melang ka nagara,
Yén moal ngiring ka Mesir,
Jisim abdi badé wangsul.