Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/71

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
72
 

Kikis kelir jero jati,
Kaopat aya deui,
Sayuran tempat béh kidul,
Kalangenan kauntungan,
Saban siang saban wengi,
Urang Mesir saban minggu meuli kembang.

13.

Ditema ku Nyai randa,
Kapala sayuran putri,
Kauntungan beulah dua,
Nyai randa nurut hasil,
Teu kirang paké jeung duit,
Sumawona dahar nginum,
Tampolana urang Siam,
Meuli kembang urang Mesir,
Duitna mah sakama-kama Nyi randa.

14.

Jeung lain éta sayuran,
Jenenganana Kawarti,
Ngaran Karang Kamulyan,
Paranti panyingkiran putri,
Sakitu anu kawarti,
Sok tunda Néng putri ayu,
Ayeuna ganti carita,
Kocap Dén Ahmad deui,
Nyusul raka sabab tuluy kadinya.

15.

Bengong Radén Ahmad ningali,
Sayuran kalangkung resmi,
Kuyap-keyep mamanahan,
Jeung nyaur jeroning galih,
Palangsiang ieu aing,
Asup siluman kalangsu,
Atawa nyorang larangan,