Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/67

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
67
 

    sumerah raga jeung pati.

  1. Kajeun lebur bubuk ajur,
    lamun katampi ku gusti,
    kebatna ieu carita,
    kapisutri jero masjid,
    pada angkat rerépéhan,
    dina wanci tengah peuting.

  2. Kacaturkeun Sayang Hawu,
    bari ngagandong Nyi putri,
    ari gandek nu tiluan,
    dipengkeureunana ngiring,
    kébat kaluar ti kota,
    Geusan Ulun jeung Nyi Putri.

  3. Ayeuna anu kacatur,
    Girilaya jero bumi,
    barang ngalilir kulemna,
    ngarampa rayi Nyi putri,
    teu aya gédébgeunana,
    Girilaya hameng galih.

  4. Lajeng Girilaya nyaur,
    saurna kamana eulis,
    naha mana waka hudang,
    kapan ieu masih peuting,
    lila digentraannana,
    lajeng nyaur eusi bumi.

  5. Ger daratang nu disaur.
    dawuhna mana Nyi putri,
    geta anu dipariksa,
    réh pada kakara nyaring,