Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/117

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

  1. Seug ieu hujan jeung angin
    Hayu urang ngariuhan
    Tuh aya guha meledong
    Gancangna lumpat ka Guha
    Ngiuhan ka jero Guha
    Hujan raat Putri nyaur
    Karék nyebut aéh Satria

  2. Gugup nonjol pada bijil
    Lalumpatan gandék dua
    Duh jurig ceuk Naya Genggong
    Pok Ardanaya enya
    Nu lumpat paheula-heula
    Ngomong jurig bisi nyusul
    Ngomong kitu bari lumpat

  3. Nu lumpat patarik-tarik
    Gandék dua teu patinggal
    Lumpat réréntétan baé
    Silih kembing silih tongtak
    Geus heunteu tolih juragan
    Anu lumpat blug-blug labuh