Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/141

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

XX.Pupuh Pangkur


  1. Jaka Mursada geus bacat
    Mendak jalan disapu lenang
    Sisi jalan rantuy Manggu
    Buahna hideung arasak
    Naya Genggong jeung Ardanaya pungkur
    Pada ngomong euleuh buah
    Itu geus arasak teuing

  2. Naha bet heunteu di ala
    Urang dieu mah tayohna heunteu bareuki
    Atawa darusun kitu
    Teu nyaho dibuah ngeunah
    Pok Naya Genggong urang ala Aka hayu
    Matak nyeuri beuteung boa
    Ardanaya mipit hiji

  3. Pok Ki Naya Genggong nyempad
    Tah Aka mah kapan nyarék geuning mipit
    Ki Ardanaya ngawangsul
    Mangkaha ngala hiji mah
    Mipit deui bari sungutna sambutut
    Naya Genggong mah nyengkata